BIJB Ngajomantara.

*diajar deui nyerat sajak sunda.

Hariring peuting ngaguligah dina rasa
Ngaronghéap teu numbu rupa
Hiji ngimpi hayang jadi nyata
Miboga karya keur kamajuan tanah sunda.

Tanah pasundan nu urang saréréa
Aya bagja ogé waspada
Sagala nyampak pinuh mangpaat
Tapi aya sakolébat nu tacan kebat

Gunem catur teu matak ibur
Macangkrama nangtukeun pola
Ngadu élmu ngumbar jajatén
Ngawangun bandara kudu bisa

Sanés ukur mung cicaheum leuwipanjang
Tapi wangunan wedel nu langkung pirang-pirang
Pikeun patalimarga warga sa dunya
Bari numpak kapal udara

Bandara Husein tos heurin usik
Nusawiru nembé ngarintis
Kukituna…
Para inohong laju ngawangkong
Kotrat kotrét badami neang bongbolong

Dikawitan ku Gupernur Bapak Dani Setiawan
Dugika danget ayeuna, 2 periodé bapa Ahmad Heryawan
Impénan sajorélat deui janten kanyataan
Bandara agreng nu bakal mitembeyan

Kertajati ngajadi bukti
Majaléngka ngaréka mangsa
Ciayumajakuning sajatina ngadalingding
Jawa barat beuki ngaronjat

NKRI mingkin ngajadi
Patalimarga lancar antar nagara
Tanah sunda lain ukur carita
Tapi jadi jugjugan saalam dunya

Munggah haji teu tebih deui
Kantun ngajugjug ka kertajati
Muru mekah madinah di tanah suci
Neang pahala oge rido ti Gusti nu maha suci.

Écagkeun kabutuh séwang-séwangan
Silih suluran silih rojong
Ngamumulé jiwa gotong royong
Supados ngawujud naon nu dipikahoyong

Hayu urang silih rojong
Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan
Pikeun ngawujudkeun Bandara kareueus urang saréréa.

Ihtiar ukur saréat
Urang saréréa tangtos tihothat
Tapi takdir dina panàngan Allah nu Maha Kuat
Sumerah diri ka gusti unggal ngarénghap

Hatur nuhun Yaa Allah nu Maha Suci
Mugi ieu pamaksadan tiasa ngajadi Hatur nuhun kasadaya pinisepuh
Ogé para pajabat nu tawisanna masih ampuh

Hatur nuhun anu kasuhun
Hampura bilih aya kecap nu bala
Laku lampah kirang merenah
Ogé panampian nu kirang tumaninah

Pung…. ngapung ngajomantara
Ngabelesat maratan dunya
Ngalayang mapay kahayang
Mawa bagja jeung kareueus urang sunda

Boga bandara internasional kartajati
Nu jadi bukti cinta sajati
Ti Pamarentah keur rahayat ieu nagri
Pemprov Jabar mugi walagri.

‘Pung…
Pung geura ngapung
BIJB ngajomantara..
Pungggg…..’

*Hurip BIJB….* (AKW).

Moal jalir kana jangji
Insyaalloh sinareng ridho Gusti
BIJB ngapung sasih mei*)

*)Tambihan ti Teh Anita.

Advertisements

​Si Ua Édun

Reuwas geuning Ua téh ngawadulna janten kanyataan.

Photo : jeprétan simuing

Ngajanteng teu percanten kana naon nu nuju ditingali. Ngajeblag seratan dina latar beureum matak sérab tur ngaburinyay, geuning leres pisan sasauran pun Ua 10 taun katukang.
Teu kedah lami ngimpleng da émutan mah napel na uteuk, néetang detik gé sajorélat tos tiasa dugi kana dongéng baheula, sanaos ukur dina sirah tapi karasa asa karék kamari.

Di buruan tajug Ua mapagahan. Simuing mendeko ngaregepkeun naon waé carita ua, pon kitu deui jang Dugil jeung cép Ratno, balad ngaji nyantri kalong.

“Yeuh barudak, ulah sieun ku ngalamun. Pék ngalamun paluhur-luhur, meungpeung ngalamun mah teu kudu mayar,” saur Ua écés béntés antare. Tiluan unggeuk bari ngembang kadu.

Simuing panasaran tuluy nanya ka si Ua, “Dupi Ua nyalira gaduh cita-cita naon nu yakin bakal kadugi?”

Ua nyéréngéh, teras ngawaler “Tingalikeun engké mah ngaran Ua bakal ngajomantara, lain urang lembur waé nu wanoh tapi urang kota puseur dayeuh, kabéh bakal ningali Ua jeneng jeung aya di tempat-tempat penting.”

Tiluan seuri konéng, ngupingkeun pun Ua ngawadul bin ngarahul. “Asa jauh pisan éta ngarahul téh”.

Ayeuna simuing ngajanteng kénéh payuneun display hurung nu ukuranna 2 x 4 meter, aya ditempat patalimarga jalma nu turun unggah kapal udara. Puguh hébring pisan. “Édun si Ua” gerentes haté leutik, ngiring reueus sanaos Ua mah tos lulus ti dunya fana, kulem tibra di makam Pasir Astana.

Mung sakitu anu kapihatur, sateuacan ditutup lawang sigotaka, nepangkeun pun Ua, wasta Éyé Suréyé. Cag. (Akw).

Kacapi salira

Jentréng kacapi kahirupan ngawirahma mulutan katresna. Nyulusup na dada mentok muru jajantung nu ngadadak ratug. Rasa kadeudeuh bet jadi nyaliara. Meulit kana uteuk ngabatek kahayang, jadi poho sagalana.

Padahal ukur sapira, wirahma rasa ngahaleuangkeun panineungan. Basa harita mimiti wawuh ka salira. 

“Punten bapa, kénging enéng ngiring diajar ngajentréngkeun kacapi?”

Éta pertarosan nu ngajentréngkeun sagala rasa. Témbok sakola nyakséni, kacapi daria bisa mawa bibit rumpaka keur ngagayuh dunya.

Sanajan sareng salira teu junun ka balé nyungcung. Tapi rasa nu ngajorélat dina lamunan, ngawangun kasono nu teu bisa dilisankeun. Ngagayuh ka janari, kacapi ditangkeup bari lalaunan diusapan.